BRANDA

Minggu, 29 September 2013

Kumpulan Nadoman


KAUTAMAAN SHALAT BERJAMAAH
Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah solat magrib
Estu kawajiban urang keur di dunia
Kanggo pibekelen jaga di akherat
 
Anu ngalanggengkeun solat berjamaah
Eta aya lima ka untungannana
Hiji dilengitkeun ka pakirannana
Dua dilengitkeun siksaan kuburna
Tilu dibere buku tikatuhuna
Opat bakal ngaliwatan na cukangna
Cara kilat nyamber bawaning lepasna
Lima teu dihisab asup ka surgana